Total Tayangan Halaman

Rabu, 20 Mei 2009

Hate honcewang Bari sumoreang


Belesurna wahon nu marengan hate nu gilig seja tandang makalangan nanjerken widang atikan luyu jeung cita-cita nu geus buled na patekadan .Di wisma pesona bambu kuring mitembeyan seja ngabismilahan uuuuh gening kuring teh mani asa hepe ningal rerencangan nu parigel dina sagalana.tapi hate mimiti ludeng sabab leahna aranjena dina enggoning ngalakasanakan kompetisi nu pinuh ku kakulawargaan .silih simbeh jeung silih tambahan dina sagala kakurangan....teu kasawang titadina bakal langkung rumaketna tatali bathin ti antawis pamilon.......Hate nu honcewang ....Bari Sumoreang ....sabab cunduk kana waktu.....paturay ...tineung...hate nalangsa.............bathin ngarakacak ...tekasawang kudu paanggang jeung dulur - dulur anyar datang ....ngan ...cimata ......ngawakilan kedal lisan pipisahan.
(Nana Sumarna,S.Pd SDN I Cibeber-Manonjaya-Kab.Tasikmalaya)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar